Senin, 10 November 2014

Meuli Jeruk Gratis

Jang Acay indit ka pasar hayang meuli jeruk didituan na mah.

Acay : sabarahaan jeruk na mang?
Tukang Jeruk : sakilo 15rb, bade sabaraha kilo?
Acay : nu bener mang? amis teu, mun haseum kumaha?
Tukang jeruk : amis atuh jang, lamun haseum mah gratis we lah
Acay : nya sok lah, meuli nu haseum na weh 2 kilo. gratis pan?
Tukang jeruk : ~!@#$%^& Anyiiiiiiing.

Utah Dina Mobil



Kang Tito urang Kuningan rek ka Bandung, sabab tara naek mobil maklum urang desa dina mobil bes pinuh ku panumpang, manehna teu kuat hayang UTAH ,neangan keresek teu mawa, untung manehna make kopeah, kang tito luak liek eweh nu nempoen, pikirna borolo-borolo utah kana kopeah tuluy di tutupan ku saputangan saenggesna utahmah manehna sare tibra naker.

CAHEM HABIS,,, CAHEM HABIS,,, CEUK KENEKTUR. Kang tito rewas tuluy kopeah di pake atuh utah na rambay kana sirahna.

Hhaha, sekian karunya Kang Tito.

Maen Tatarucingan

Hiji waktu Ujang ngajak maen tatarucingan ka Udin. kieu cenah tarucingan na teh.

Udin : "Jang, nyamuk naon nu gendut, beuki dahar, jeung sare wae?"
Ujang : "Ah maneh mah aya aya wae."
Udin : "Eeh seurieus!"
Ujang : "Nyamuk Aides Egepti nya?"
Udin : " Lain...!".
Ujang : "Takluk ah!".
Udin :"Nya Mang Muksin atuh..!" ( Sabari Lumpat )
Ujang :"Anyir ta mah ngaran babeh uing, awas siah!". (Sabari Ngudag)

Anti Reungit

Hiji waktu ahong curhat ka sobatna atek, dumeh di kamarna loba pisan reungit.

Ahong : “Di kamar urang mah meni loba reungit, sakitu geus disemprot jeung di puput ku obat anti reungit angger weh loba.”
Atek : “Cik gera simpenan keusik walungan di kamarna.”
Ahong : “Ih geuning gampil, naha bener moal aya reungit?”
Atek : “Piraku urang bohong”
Ahong : “Kedah sakumaha keusikna??”
Atek : “Sapinuhna kamar!”

Pasea Jeung Pamajikan

Dua lalaki keur ngobrolkeun masalah rumah tanggana. Lalaki nu hiji kabeneran
keur pasea jeung pamajikanana.

Lalaki 1: “Yeuh, lamun anjeun pasea jeung pamajikan, tembongkeun yen anjeun teh lalaki sajati. Tong daek eleh ku ngaran pamajikan!”
Lalaki 2: “Puguh atuh kuduna kitu! Eta mah basa keur kamari pasea, pamajikan nepi ngorondang ka hareupeun kuring….”
Lalaki 1: “Tah kitu atuh alus! Terus naon dilakukeun ku pamajikan maneh?”
Lalaki 2: “Pamajikan kuring ngorondang nepi kadongko-dongko bari ngorehan ku
sapu, terus ngomong: Kaluar siah ti kolong ranjang lamun maneh heueuh wani
pasea jeung aing!